Rabu, 16 Maret 2011

Komunikasi Lewat Puisi

1. Mang Jasu Manusia Langka……
dasar kudu ka panggihh
burinyay… cahaya kadongkel tina tumpukan batu…
gurilap ….nyerabkeun panon
Gonyonyoy….nyorotna seukeut
Byar…caang.. nyaangan dunya tatar Kuningan nya tatar sunda nya nepi ka manca nagara.
Naon anu kapanggih???? nya mang jasu
Mang jasu manusia langka
Ku jaman kiwari
jaman globalisasi..
jaman jalma urus nguber harta kadunyaan…
Mang Jasu hadir dalam kesendirian dengan keteguhan hakiki
Ngabakti ka bumi pertiwi,
masrahkeun hate ka jalmi rea
Keur ngamumule adat budaya SUNDA…
Mang jasu mani teguh…
Mang Jasu mani lanuwih.. unggul dina nyipta
mang jasu…. mang jasu… mang jasu…
Memang manuasia Langka
pinter dina nyulam basa, ngabatik puisi
Hatur Nuhun mang,
Tos naggugah ka manah samanea…
Selamat Berkaya.. dan Berkarya…
Saya Salut…

Salam hormat
Santobri — Pekanbaru
santobri
Juli 17, 2008 pukul 6:05 pm

Saha Urang???
Saha Nu Ngababarkeun Melaan Ngajuru Antara Hirup Jeung PAti Ngabela Medalna urang ka alamdunya???
Saha Urang???
Saha Nu Ngabinihan kana rahim pikeun Ngajadina Jabang BAyi???
Saha Urang???
Samemeh Urang Ditiupan Ruh???
Samemeh Dirupa KUN FAYAQUN???
Ku Saha???
Jadi Bener Urang Teh Aya???
Ukur Milu Ambekan Ku nu Ngusik malikeun…
Tur Kamana Urang???
Na Jadi Naon Ku Urang Bisa Dipeta KEun???
Naon Nu Bisa Diaku Nu URANG???
Naon Nu bisa dibawa balik kaalam kalanggengan???
Naon Nu bisa ????
Jadi Saha Urang???
Teu Patut urang ngaku bisa…
Teu pantes urang ngaku bener komo pangbenerna…
Jaga Di Hareupeun Nu Nyipta…
Di HAri Perhitungan…
di Padang MAsyar…
Hayu urang ngaku…

Mang jasu
Agustus 12, 2008 pukul 12:43 am

mang jasu……hapunten upami teu kaabotan,
hoyong sim kuring janten muridna Mang Jasu.
Hoyong tiasa neuleuman hirup tur kahirupan, supados teurang renjul rata na.
Hoyong taisa mapah ditenuh nu leueur, leumpang ajeg di lorong nu sempit barijeung teu ngarasa kasempitan….
mang, …. saran tur pituah na diantos ku abdi,
nu nuju buntu ku margi jalan katutup ku halimun….
kumaha mang carana supados tiasa ningaii dinu poek, ngadangu dinu rame…
Mang Jasu……. pasihan obor nu tiasa nyaangan lamunan…
hatur nuhun sateu acana….

Salam…
santobri
Séptémber 5, 2008 pukul 2:14 pm

Ulah ngarawu ku siku eta dipahing ku gusti, mun neuleuman pangaweruh kudu weruh kana napas diri sangkan teu jadi balai. Lamun kuat satutugan leuwi geura sorang eta leuwi. Mun can ka awakan tong nyoba ngambah sagara. Geura riksa diri sing tarapti da laku hurip bawaeun pati.
Urang candak sacukupna. Nu kadada kaduga da Alloh ngabagi rohmat moal aya kendatna. Artina ulah nyalahkeun TAKDIR.
Nyaah teuing mun sumegrukna ceurik karna lara cinta ka manusa, mun mah atuh urang teh ceurik da sieun di jauhan ku Alloh. Humandeuar teh lain peta jalma iman. Mungguhing manusa kudu sukur lan tumarima rumangsaning bagja dipaparin nikmat nu taya kendatna

mang jasu
Pébruari 27, 2009 pukul 2:24 pm

Hoyong naon hirup ? ngangluh alum humandeuar kawas jago meunang jalu. Na hoyong lubak libuk dunya barana bru di juru bro di panto. Nu enya kuat kitu mawana, na geus ngarasa kuat Iman Taqwana, na enye naon sabenerna hirup ? Ngemban amanah teh beurat.
Dulu ada kerajaan besar, ramai spektakuler, orang orangnya pisiknya kuat kuat dan perkasa. Suara suara mereka kini telah sirna seiring rentang perjalanan waktu pasca kebinasaan mereka. Kehancuran rumah, jasad jasad dan negri puing puingnya tiada bersisa. Semua berubah menjadi tanah liat dalam kuburan di kolong liang lahat. Mereka hancur setelah mereguk kenikmatan semu yang hanya sesaat. Astagfirullohal Adzim

mang jasu
Pébruari 27, 2009 pukul 2:29 pm

Audzubillahiminassyaitonirojim…
Alif laaaam miiiiiim…
Sadewa (Alloh/Anu Nyipta) Kagungan kode…
Nakula (Urang/Mahluqna)dipaparin kode… mangrupi sidik jari urang anu teu aya jalmi anu sami sidik jarina….
Dalikal kitabu laa ribafiih,
Tong ragu-ragu kana sumber elmu ti ngawasaan dunya aherat, anu nyepeng lara pati, anu nyawowoy jiwa hirup urang…
Lamun yeuh sagara jadi tinta, tatangkalan jadi pena, moal cukup nulis jeung ngagambarkeun elmu alloh.
ti mulai sel-sel dina awak urang, teu pati2 ngocor getih urang lamun henteu diparengkeun ku kaasih alloh…
kacipta lamun irung kudu bayar sewa ka alloh, hawa ditabungan model di rumah sakit ku alloh, bet diitung satabung 300rebu, sapoe urang make 24 jam teh berarti urang ditagih ku alloh di alam kalangenan tos 2,4 juta sapoe x 365 poe (dina sataun) x umur urang, ku pasal irung eta teh,
tacan ku pasal mata, ceuli, letah, huntu, buuk, leungeun jeung rampa, suku jeung lengkah…
Maaholaqtul jinni wal insi illa liabudu…
pilakadar ge dititahna mah migusti ka alloh…
Laa haola wala quwwata ila billah…
Inna lillahi wa ina ilaihi rojiun…
Subhanalloh…
Alhamdulillah…
Allohu Akbar…
Laa ila ha illolloh…
Iman ka genep nyaeta qodo qodar urang anu kudu dilakonan…
Makruh pasal naon deui???
Meungpeung bisa ibadah geura ibadah ulah nunggu gering payah, geura sholat ulah nunggu disholatan, geura puasa ulah nunggu puasa kapaksa da geus diala nyawa kunu bogana
Al Isroo 78 Alloh maparin panto papagih, (solat 5 waktu)
Al Isroo 79 Alloh maparin panto khusus, (solat tahajjud) teu perelu gandeng kudu sare heula boh hanteu, da nabi urang mah komo sapeupeting solatna oge nepi ka barareuh suku…
Al Isroo 80 Alloh mere doa pikeun kaluar tina kasusah, Robbi adhilni mudholla sidqi, wa akhrijni mukhroja sidqi waj ali miladunka sultonnanasir (mangga aos hartosna)
Al Isro 81, ceuk alloh ulah mawa karep dina nyangka ka alloh
Cobi samikeun doa iftitah anu ku akang diaos sareng Q.S. Al Anaam 162-163 (akurkeun sareng pamenta alloh, insyaalloh alloh ngakurkeun pamenta urang) ulah make kitab ceunah baruk bejana…
Da alloh bendu kanu kitu dina Q.S. Al Baqoroh 75,
kanu jieun isim/wirid sakarep ceunah bendu (Q.S. Al Baqoroh 79)
Da Quran mah hudallilmuttaqin (Q.S. Al Baqoroh 3-5) lain jampe (Q.S. 69 ayat 40-45)
Turutkeun karep Sadewa, nakula bakal dipareng kanikmatan.
Cag ah.

mang jasu
Pébruari 28, 2009 pukul 10:23 am

Na saha anu apal?????
Sabaraha jengkal deui kana katil???
Sabaraha renghap deui kana pasaran???
Dimana cicing, dimana lahir, dimana kasusah, dimana kasenang, dimana kasiksa, dimana asa bebas, moal jauh Alloh ka urang…
Kahiji : Jadikeun hate urang imah Alloh (yen mesjid-mesjid dimana aya anu zikir ka alloh, eta teh imah Alloh)
Kadua : Nabi Muhamad SAW Turuteun,
Katilu : Ibu mu, (ngajuru hirup ngalahirkeun)
Kaopat : Ibu mu, (salapan bulan mamawa urang)
Kalima : Ibu mu, (teu deet nyaahna)
Kagenep : Bapa mu…
(Teu disebutkeun indung boh bapa urang kafir atawa sholeh, urang mah da gubrag ka dunya dialatan ku indung, ku indung, ku indung jeung ku bapa)
Hijrah soteh Ti anu goreng laku kanu hade, Ti poek kana caang (minazzulumat ila nur Q.S. Annuur 35 sareng 40 perbandinganna)
KAtujuh : Rabi (anu tina tulang iga anu panggbengkokna)
Kadalapan : Anak,
Kasalapan : Dulur-dulur urang (Anu Iman jeung Taqwa ka Alloh)
Kasapuluh : Mahluq Alloh di kolong langit.

mang jasu
Pébruari 28, 2009 pukul 2:23 pm

Nyaah teuing mun sumegrukna ceurik karna lara cinta ka manusa, mun mah atuh urang teh ceurik da sieun di jauhan ku Alloh. Humandeuar teh lain peta jalma iman. Mungguhing manusa kudu sukur lan tumarima rumangsaning bagja dipaparin nikmat nu taya kendatna.

mang jasu
April 12, 2009 pukul 11:18 pm

Mang Jasu,
hatur nuhun tos tiasa nyaangan hate, muka halimun anu ngahalangan pikiran sim kuring anu nuju buntu. Sanaos tetebiheun kana ngartos anu sahartosna kalimat-kalimat mang jasu anu pinuh ku perlambang, anu kedah dibongkar di bulak balik nepi ka sidik.
Jalaran Mang Jasu, panon hate kuring lalaunan tiasa melek kana naon anu disebat hirup,anu biasana bleng hideung teu katingal cahaya anu di tuju. Lapur buyar teu terang arah nu dilampah….
Gusti Alloh, mugia abdi diparingan tiasa ceurik merdih ka kancintana ka anjeun, mugia hate tiasa lempeng meteng ka anjeun anu nyipta. Tiasa pasrah sumerah ku sadar kana fitrahna anu dicipta.
Mang Jasu, … hatur nuhun, upami tiasa mah tambih deui…

Salam hormat,
Santobri
1. santobri
April 30, 2009 pukul 6:52 pm

1 komentar:

Anonim mengatakan...

Meninggikan seseorang :
Membuat yang ditinggikan menjadi lupa diri
Membuat yang meinggikan lupa Sang PEncipta